Wawacan

Soffi Sundari S.Hum

A. MEDAR PERKARA WAWACAN


Wawacan téh carita panjang atawa naratif, tapi aya ogé anu mangrupa dadaran (deskriptif), anu dianggit dina wangun pu puh. Wangun pupuh mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, utamana ku kaum ménak sabada ayana pangaruh ti Mataram dina abad ka-17.


Ajip Rosidi (1966) nétélakeun yén wawacan téh asalna tina kecap wawacaan (babacaan), nu hartina: naon-naon nu dibaca. Wawacan téh wangun karya sastra nu asalna ti Jawa, jeung dibawa ka wewengkon Sunda ngaliwatan kaum ménak jeung kaum ulama (lingkungan pasantrén). Bisa disebutkeun ogé yén wawacan téh hikayat nu ditulis dina wangun puisi (dangding) nu tangtu nu disebut pupuh.

Wawacan téh karya sastra Sunda nu lahir dina wangun tinulis. Mimitina mah ditulis ku leungeun mangrupa naskah. Satuluy na dicitak jadi wangun buku. Najan kitu, ieu karya sastra téh leu wih dipikawanoh dina wangun lisan ngaliwatan pagelaran seni beluk. Ku cara ieu pisan masarakat ngawariskeun teks wawacan ti generasi ka generasi. Jadi, sanajan nyampakna dina wangun tu lisan, ari sumebarna mah leuwih réa dina wangun lisan

Téks wawacan téh umumna panjang sabab eusina mangru pa carita. Iwal ti éta, palaku dina carita wawacan téh jumlahna kawilang réa. Pupuh nu dipakéna ogé henteu ngan hiji, tapi gun ta-ganti luyu jeung gantina adegan atawa épisodeu. Di sababa raha wewengkon mah wawacan téh disebut ogé macapat. Mung kin asalna tina basa Jawa macapat (mocopat). Aya ogé masarakat anu nyebutna gaok (Majalengka jeung sabudeureunana).jan nyampakna dina wangun tu lisan, ari sumebarna mah leuwih réa dina wangun lisan

Cute Handdrawn Minimalist Line-Ruled Paper

B. MALURUH UNSUR WAWACAN


Wawacan téh mibanda unsur struktur nu umum, nyaéta mang galasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa kolofon. Pék ten getan ieu contona di handap!


a. Manggalasastra


Eusina sanduk sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta pa- ngampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Perenahna manggalasastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, samémeh ngamimitian carita.


b. Eusi


nyaéta poko carita tina wawacan. Dina ieu bagian dicaritakeun eusi wawacan ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik.


C. Kolofon


Perenahna dina tungtung carita minangka panutup Eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa ka kuranganana, nu ngarumasakeun

Black Swirl Scribble
Cute Handdrawn Minimalist Dotted Paper
Scrapbook Smiley Scribble

Wawacan nya éta karangan panjang anu suasana caritana béda-béda tur ngagunakeun patokan pupuh.

3D School Elements Composition Stacked Books and Coffee Cup
3D School Elements Composition Books Toga and Clock
Black Swirl Scribble
3D School Elements Composition Stacked Books and Coffee Cup
3D School Elements Composition Books Toga and Clock
Black Swirl Scribble
3D School Elements Composition Stacked Books and Coffee Cup
3D School Elements Composition Books Toga and Clock
Black Swirl Scribble

Aya listrik di masigit

Caangna kamana-mana

Lamun hayang hirup teu sulit

Kudu boga elmu nu loba

Blocky Flat Buildable Theme Park Roller Coaster